Senin, 08 Juni 2009

Oega Soemedang sareng Saoer Sepoeh

Alih basa : R. Supian Apandi

Tjoendoek kana woekoening taoen, datang kana mangsaning boelan, nepi kana djangdji pasini, pasang soebaja, oerang kampoeng lilimboengan, ti padésan patamboear, kaojagkeun koe geundjleungna djaman noe ngadjak handjat kana hambalan kaloehoengan.

Kaloehoengan karoehoen noe dikeben-keben dipangkring koe kapamalian, broeh-bréh tingsarelap dina kepék kasinaran koe sorotna djaman.

Gerentes sepoeh-sepoeh di pilemboeran noe teu mantra-mantra ka nagara, ting gandeuang nembongkeun tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan Poesaka. Komo barang djol mah pangondang ti poepoehoenan Poesaka, mani tingkorédjat, tjaroeringhak paheula-heula nemonan pangangkiran poepoehoenanana noe djadi boeah kalboena.

Abdi gé noe kasebat oerang kampoeng baoe lisoeng, bet djorodjoj aja maksad hajang dongkap kana pakalangan, moeng éstoe lieuk euweuh-ragap taja, teu aja kikintoen noe saé, kawantos ti pagoenoengan, moeng hatoer loemajan baé manawi kamanah ieu njanggakeun dongéng toetoengkoesan ti sepoeh noe parantos teu aja di kieuna, nalika G. Koentji diboeka diadegan gedong peteng, kieu sanggemna: ,,Eueuh, atoeh G. Koentji geus diboeka mah geus nintkal kana oegana.”

Sanggem abdi: ,,nintjak kana oega koemaha mama?”

Doepi sanggemna: ,,Nintjak kana oega, kapan koe sepoeh-sepoeh baheula mah djadi toengtoeng saoer, di mana G. Koentji geus diboeka, G. Palasari kagiridig koe Walanda, Pangéran Soemedang moegoeran, teu poetra teu poetoe, engkéna mantenna ngalih ka Rantja Bango, ,,BOER-LES.” Ari di aloen-aloen njieun goegoenoengan, dingaranan Lingga Wati.

Sanggem abdi: ,,geuning éta maké boer les-boer les kitoe, naon hartosna?”

Pisanggemna: ,,Ah, éta mah dédéngékeun baé, engké ogé kasorang.”

II. Di mana HANDJOEANG geus siroengan, BITOENG iwoengan, pelak Embah Sajang Hawoe noe di Koeta Maja téa (tilas dajeuh baheula) di Tjilaoet-eureun ngadeg nagara; oerang Soemedang tjoréngtjang, da djalemana patamboear, indit sirib karoeli ngadon boeniaga di dajeuh anjar téa. Malah koengsi disoesoelan koe kapala-kapalana, tapi noe njoesoelan ogé teu maroelang deui, lep-lep baé bebetah di pangoembaraan.”

Tah, koe lantaran di Soemedang tjoréngtjang, dajeuh téh bakal pindah ka Oedjoeng Djaja (district Tomo); ari kota ajeuna djadi district sepi, ngan di dinja téh bakal aja Panembahan noe djadi koentjénna Lingga Wati téa, sabab éta Lingga téh engkéna mah baris djadi pangdjarahan noe kawéntar ka mana-mana.

Tempat-tempat di wewengkon district Tomo mah, noe dareukeut ka Oedjoeng Djaja téa, lain samanéa réa noe ngandoeng harti; geura oerang seboetan:

I. Soemoer Bandoeng (di Oedjoeng Djaja) ajeuna éta soemoer dianggap karamat, nja éta keur tjawisan ngarinoemna koeli-koeli noe ngabangoen karaton.
II. Tegal Si awat-awat, di désa Toléngas, éta keur tempat koempoelan milih piratoeeun, da saoer sepoeh mah piratoeeun téh aja toedjoeh.
III. Koelintjar; koeli-koelina noe ngadegkeun dajeuh, réréana ti désa éta.
IV. Tangkal Kosambi, di désa Soekaratoe, ajeuna éta kosambi dianggap karamat, éta kosambi engkéna didjieun tihang karaton, ari désa Soeka Ratoe tempat ngistrénan Ratoe noe beunang milih di tegal Si awat-awat téa.
V. Désa Palaboean, éta keur palaboean panampaan laoek ti Tangkil (Tjirebon), baris soegoeh koeli-koeli.

Ari di Légok noe pasamboeng djeung éta oega, nja éta:

I. Tjipélés, di lebah Paroegpoeg dibendoeng dikotjorkeun ka Oedjoeng Djaja, ari bendoenganana dingaranan bendoengan Domas.
II. Pasar Légok pindah ka Tjoendoek-kajoe, di Paroegpoeg aja pasar, tempatna di Sindangkasih; ajeuna pipasareun masih leuweung kénéh.
III. Pasir Djati, keur pangtapaanana hidji pandita noe ngolah élmoe sadjati.”

Ari tjitjirén geus deukeut kana oega ieu:

I. Lamoen Tjina geus ngadegkeun toko di sakidoeleun sasak Tjipélés, éta tjitjirén Soemedang ilang dangiang.
II. Di mana poetra poetoe Padjadjaran geus ditjaloekoer, kitab metoe saking toko, solokan dielis sisina.
III. Tjina-Tjina ilang taotjangna; batoe di djalan didalaharan.
IV. Kajaan awéwé djeung lalaki tibalik, nja-éta lalaki toenggoe imah, awéwé digawé njiar kipajah.
V. Angeun di sisi langit koelon, di bawa ka sisi langit wétan, ari didahar haneut kénéh.”

Tah moeng sakitoe-kitoena noe kaémoet toetoengkoesan sepoeh téh, engké di pengker oepami pependakan, tangtos dipidangkeun deui.”
Tjibalong, … Maart 1927.

Hoermatna.

SASTRA WIRIJA
H.O. TJIBALONG

Katerangan.
Oega noe parantos kasorang ajeuna di Soemedang, seuseueur na sanés silib deui, nanging méh tjeplés sakoemaha saoer sepoeh-sepoeh téa, saméméh kadjadian naon-naon.

Soember: Poesaka Soenda No. 3-4 Maart-April 1927 Tahoen ka 5, Kaca 54-55

Tidak ada komentar:

Posting Komentar